ovel nyaéta karya sastra wangun
prosa naratif fiksi
nu caritana diatur dipapantes, nepi ka anu macana jaba ti ngarti, bari
bisa ngarasakeun sarta nyipta kana naon-naon nu kasebut dina éta
carita.
[1][2]Galur caritana leuwih rumit lamun dibandingkeun jeung carpon atawa
carita pondok, lantaran jumlah kajadianna kawilang réa, sarta diwangun ku sababaraha
épisodeu.
[2] Novel asalna tina basa
Italia ''novella'', dina basa
Jerman ''novelle'', sarta di basa
Yunani ''novellus'', tuluy asup ka
Indonesia jadi novel.
[3] Istilah-istilah éta téh hartina sarua nyaéta karya prosa fiksi nu panjangna cakupan, teu panjang teuing ogé teu pondok teuing.
[3] Novel biasana diwangun ku leuwih ti 40.000 kecap, turta miboga ajén-ajén norma saperti ajén
sosial, ajén
étnik, ajén
hédonik, ajén
spirit, ajén
koléktif, jeung ajén
struktural.
[3]
Babandingan novel jeung carpon
Novel |
Carpon |
aya konflik batin[4] |
teu kudu aya[4] |
watek palaku digambarkeun detail[4] |
watek palaku digambarkeun singget[4] |
galur carita leuwih rumit[4] |
galur carita leuwih sederhana[4] |
latar leuwih lega jeung waktuna leuwih lila[4] |
latar jeung waktu kawawatesanan[4] |
wangunna leuwih panjang[4] |
wangunna leuwih pondok[4] |
jumlah kecap dina novel minimal 35.000 kecap[4] |
jumlah kecap dina carpon maksimal 10.000 kecap[4] |
Sajarah kamekaran novel sunda
Sabada
urang Sunda diajar di
sakola nu diadegkeun ku
pamaréntah Walanda, gelar rupa-rupa
karya sastra nu mangrupa pangaruh kulon saperti
roman, nu ayeuna disebut novel.
[5]Sakapeung éta dua istilah téh dianggap sarua, tapi aya ogé nu nganggap yén éta istilah téh aya bédana.
[5]Ayana penerbitan nu harita diadegkeun ku pamaréntah Walanda,
Commissie voor de Volkslectuur, nu ayeuna jadi Balé Pustaka, nu diadegkeun dina taun
1908, mangrupa hiji badan nu mantuan hirup huripna pangarang-pangarang jaman harita.
[5]karangan-karangan nu diterbitkeunna mangrupa
tulisan anu teu papalingpang jeung aturan pamaréntah, nu raket patalina jeung tujuan
pamaréntah kolonial.
[5]Lian ti
Balé Pustaka, aya panerbit
swasta saperti Dachlan Bekti jeung M.I Prawirawinata di
Bandung nu mantuan nyeuyeuban hirup huripna
sastra Sunda.
[5]penerbit swasta mah leuwih bébas ngaluarkeun terbitanna.
[5]Sabada Indonésia merdeka, novel sunda téh beuki ngeuyeuban, saperti
Baruang ka nu Ngarora,
Carios Radén Ustama,
Ceurik Abdi, jsb.
[5]Salian
ti novel-novel éta, aya ogé novel-novel anu dicitakna mangrupa
buku-buku laleutik, nepi ka hiji judul téh jadi sababaraha
jilid. Novel-novel nu kieu téh kaitung laku dijual sabab salian ti bisa ditungtut dibeulina,
promosi ngaliwatan radio kacida ngarojongna.
[6] Éta buku téh dibaca ku
penyiar sarta dijomantarakeun mangrupa
dongéng énténg.
[6]Lantaran
dibacana nyambung sarta sok dipotong palebah nu dianggap ramé ku nu
ngadéngékeun, biasana mah nu ngadéngékeun jadi panasaran.
[6] Salian ti éta novel-novel nu dianggap ramé ku nu macana biasana leuwih payu.
[6] Upama éta buku aya di taman bacaan, nu maca leuwih babari néanganana.
[6] ku kituna, dibandingkeun jeung novel nu dianggap ngandung ajén sastra, carita-carita modél kieu mah leuwih dipikawanoh ku
masarakat.
[6]
Unsur-unsur nu ngawangun novel
Téma
Téma téh nyaéta anu jadi jejer utama atawa ide utama pamikiran pangarang anu timbul tina pasulan hirup.
[7]Téma mangrupa unsur penting lantaran bisa nunjukkeun pasualan nu rék ditepikeun ku pangarang dina éta karyana.
[7] Téma anu dipilih bisa ngeunaan tangtungan hirup, ajaran
agama,
adat istiadat, ajaran
moral, jeung sajabana.
[7]
Galur
Galur mangrupa runtuyan kajadian atawa kagiatan nu aya dina hiji carita.
[7]Pangarang ngamiitian carita ngaliwatan hiji kajadian anu matak panasaran atawa nimbulkeun pananya, atawa
suspense.
[7] Sanggeus kitu maju kana
klimaks, sarta ahirna nepi ka réngséna masalah.
[7]
Latar
Latar atawa
sétting nyaéta gambaran
waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jeung saterusna nu ngalantarankeun kajadian carita.
[7] Tegesna mangrupa salasahiji dina adegan karangan.
[7] Merenah henteuna milih latar jeung ngadéskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan.
[7]
Palaku
Palaku nyaéta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita.
[7]
Amanat
Amanat mangrupa pesen anu nyangkaruk dina hiji carita nu hayang ditepikeun panulis kanu maca.
[7]
Unggal carita, pasti pangarang mibanda maksud atawa hal-hal anu hayang
ditepikeun ka nu maca, éta maksud pangarang téh mangrupa amanat.
[7] Amanat aya anu langsung nembrak karasa ku nu maca, aya anu dibalibirkeun henteu togmol.
[7] Amanat biasana nepikeun hiji ajaran
moral, atawa pesen sangkan masarakat robah kaayaanana, boh kahirupan fisikna boh kahirupan batinna atawa rohanina.
[7]
Papasingan novel
Novel bertendens
Novel
bertendens téh nyaéta novel nu miboga tujuan nu tangtu.
[7] Misalna dina hiji carita, pangarang némbongkeun akibat nu goréng tina hiji adat atawa kabiasaan, boh
masarakat boh
individu.
[7]
Novel sosial
Novel
sosial
nyaéta novel anu eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan,
kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa. Si palaku
bisa jadi mangrupa
subyék, korban, atawa saksi éta kaayaan.
[7]
Novel sajarah
Novel
sajarah nyaéta novel anu eusina ngandung unsur-unsur sajarah. Boh palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah.
[7]
Novel psikologi
Novel
psikologi nyaéta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku utamana.
[7]
Novel misteri
Novel
misteri
nyaéta anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana
kabuka dina bagian ahir éta novel. Upamana baé nyaritakeun néangan
palaku
rajapati atawa palaku
kajahatan séjénn
Tidak ada komentar:
Posting Komentar